Bismillahirrahmanirrahim,
Assalamu’alaikum
warahmatullahi wabarakatuh,
Puji rawuh rasa sukur
langkung tipayung dihaturkeun ka hadirat Illahi Robbi, anu parantos maparin
kasehatan tung dugi ka urang sadaya tiasa kempel dina ieu kagiatan pasanggiri.
Sim kuring ngahaturkeun pinten-pinten nuhun utamina ka Balai Pengembangan Bahasa
Daerah Provinsi Jawa barat nu ageing sumangetna dina ngamumule budaya katut
bahasa ddaerah. Kitu deui ngahaturkeun nuhun ka bapa miwah ibu panata calagara
nu parantos ngiring rumojong kalawan pinuh kadariaan. Teu hilap oge
ngahaturkeun nuhun ka para girang pangajen nu ajeg panjeg nanjeurkeun
kasundaan, ka bapa miwah ibu guru basa sunda anu tumetep satia ngawulang sim
kuring tug dugi ka tiasa tandang dina ieu pasanggiri.
Hadirin nu sim kuring
dipihormat.
Jejer nu baris dipedar
dina ieu biantara teh nyaeta “ngaronjatkeun
kareureus para nonoman kana budayana”.
Allah SWT parantos
nyiptakeun etnis-etnis di ieu dunya.salah sahiji nu mangrupi unsur
kaanekaragaman etnis teh nyaeta adat istiadat sareng religi. Urang sunda tos ti
kapungkur keneh mibanda sipat islami. Kitu pamendak nu didugikeun ku bapa
hidayat suryalaga dina situs sundanet. Hal eta teh dumasar kana asumsi yen
urang sunda mah caket sareng islam. Sok rada aneh upami aya urang sunda nu
agamana lain islam.
Naon wae atuh nu ku
urang bias dilakukeun kanggo ngaronjatkeun kareureus para nonoman kana budaya
the ? kahiji mokawanoh sipat-sipat nu hade nu aya dina diri urang sunda. Lamun
nilik sipat ajali urang sunda, sipat nu hade urang sunda the nyaeta, urang
sunda mah henteu sekulel atawa profan midewa kanikmatan dunya bari jeung teu
paduli kana nilai agama. Ieu teh mangrupa modal sangkan urang mikareureus
budaya nyalira.
Tarekah kadua dina
ningkatkeun kareureus para rumaja kana budayana nyaeta ku cara mikawanoh jati
dirina, hartosna urang salawasna kedah nyaah ka tempat kalahiran urang, kana
basa indung nu diajarkeun nu kalawarga urang. Urang ulah nepika hilap kana
purwadaksi saur basa malayuna mah ulah nepika “kacang lupa pada kulitnya”.
Para
saderek sadayana,
Salajengna, urang kedah
ngarobih pandangan sareng sikep kana budaya sunda. Nu tadina mung nganggap
hiburan wungkul kedah tiasa ngajenan yen seni the hiji cirri identitas bangsa,
ajen diri nu baris ngawujudkeun citra bangsa. Wawasan seni nu cupet siga
pamahaman diluhur teh kedah sakedik demi sakedik disingraykeun lalangsena. Kitu
kasauran Bapa Acil Bimbo seniman sunda nu caket sareng music-musik religi nu
kawari tos janten milik bangsa Indonesia.
Sapanjang seni budaya
mung ukur dianggep barang kanggo hiburan, seni budaya moal pinanggih jeung
pamor/komara ajena. Tapi upama sabalikna, seni nu tadina pikareureus ku urang
wungkul bakal janten milik dunya. Contona : seni Leonardo Da Vinci, Picasso,
Beethoven, sareng nu sanesna.
Upami dititenan kayaan
seni budaya sunda, ayena aya nu nimbulkeun kareureus, matak ageung manah.
Nangih aya deuih anu matak pikasalempangeun, boa-boa baris mugaran nu antukna
mung kantun ngaran. Ku kituna para nonoman kedah mikawanoh ka budayawan atawa
seniman nu tos nanjeurkeun seni jeung budaya sunda. Contona : Asep Sunandar
Sunarya dina wayangna, jrrd. Hal ieu teh sangkan biasa jadi pangjurunglaku dina
enggoning neraskeun lapak lacak areunjeuna.
Para
saderek nu dipihormat,
Tarekah salajeungna
urang kedah tiasa ngawujudkeun silih asah, silih asih jeung silih asuh. Tegesna
silih asih disarengan ku rasa mimitran anu wening. Silih asuh ngajenan sasama
numutkeun profesina, jeung silih asah hartosna pada namibihan ka terang
pangaweruh.
Kaopat urang kedah
nembongkeun kanyaah kana budaya nyalira ku cara ngiring ilubiung dina tiap
kagiatan pasanggiri. Boh nu diayakeun ku sakola, instasi pamarentah, jeung nu
sanesna. Ku ilubiungna urang dina satiap kagiatan tangtosna bakal nambihan rasa
nyaah kana budaya nyalira. Lamon tos timbun rasa nyaah kana budaya nyalira
tangtosna bakal tumuwuh rasa kareureus kana budaya urang.
Nu pamungkas, urang
kedah gaduh rasa sabanda sariksa kana budaya nyalira. Maksadna sangkan budaya
urang teh diajeungan ku deungeun. Ulah dugi ka jantenan budaya urang
dicaplok/diaku ku batur. Contona wae seni angklung. Saleresna mah lepat
urang-urang keneh, da bongan atuh eta seni teh di masarakat urang nyalira tos
teu sumebar. Tapi saentos aya kajantenan kitu nembe urang rame. Sami jeung
urang ngantep kebon nyalira sina bala, giliran kebon urang aya nu miara/melakan
batur urang ngambek.
Pamungkas
nu sim kuring hayu urag sasarengan/babarengan beungeutkeun hijikeun sumanget
urang, kareureus urang kana budaya nyalira nepi jadi hiji lenjeuran budaya nu
diajenan boh ku pamakena kitu deui ku deungeun-deungeun.
Kaca
panon nu nu mang lebe
Pakeen
upama beurang
Pikawanoh
sipat nu hade
Keur
modal kareureus urang
Beuleum peuteuy pais
peda
Tomat ngora jeung
tarasi
Hey para rumaja sunda
Tong hilap ka
purwadaksi
Balakutak
dina meja
Dituang
raos kacida
Picinta
seniman sunda
Sangkan
ajeg komarana
Buah nangka jeung kiara
Cau kulutuk di dapur
Hajakal teu dipiara
Antuna diaku batur
Sakitu
nu pihatur tutus langkung kepang haling bobo sapanon carang sapakan. Hapunteun anu kasuhun. Mugia sanaos mung
alakadarna, aya mangpaat kanggo urang sadayana.
Wabilahitaufik
walhidayah, Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.